Senin, 16 April 2012

Contoh Teks Ujian Praktek Biantara/ Pidato Bahasa Sunda !!!




PILEULEUYAN

Assalamu’alaikum warahmatullohi wabarokatuh
          Nitih wanci nu mustari, ninggang mangsa nu utama. Dina poé ieu urang patepung ngumpul ngariung di tempat nu di papaés ku rupa-rupa kamonésan urang saréréa. Nu tujuanana iwal ti acara pileuleuyan.
          Dina waktu ieu pisan sim kuring saparakanca seja ngahaturkeun mangrébu-rébu nuhun ka Ibu Kapala Sakola, Bapa miwah Ibu Guru nu tos masihan mangrupa-rupa élmu pangaweruh salami genep warsih.
          Sim kuring saparakanca pohara ngarasa bagjana, duméh dina waktu ieu parantos tiasa namatkeun sakola nu dilakonan salami genep warsih. Kabagjaan lianna, sim kuring saparakanca parantos dibekelan élmu pangaweruh nu tiasa dianggé neruskeun sakola ka sakola nu leuwih luhur.
          Sim kuring saparakanca ngagaduhan tékad yén élmu pangaweruh nu ditampi ti Ibu miwah Bapa Guru di sakola salami genep warsih badé dianggé bekel. Bekel pikeun neruskeun sakola, sarta bekel pikeun kahirupan di masarakat engké.
          Dina acara ieu pisan sim kuring nuhunkeun ka adi-adi anu masih kénéh neruskeun nungtut élmu di ieu sakola, supaya diajar sing enya-enya. Sabab diajar téh pohara pentingna pikeun nyanghareupan jaman nu beuki maju. Lamun baé urang katinggaleun dina diajar, tangtu bakal katinggaleun dina sagalana.
          Nu panungtung ti simkuring ngedalkeun pileuleuyan ka adi-adi kelas sadayana. Dungakeun sim kuring rék medal ka alam nu anyar.
Wassalamu’alaikum warahmatullohi wabarokatuh

0 komentar:

 
;